Nadom Gusti Urang Saréréa

Gusti urang saréréa, Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad Jenengannana, Arab Qurais nya Bangsana.

Ramana Gusti Abdullah, Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunna di Mekah, Wengi Senén Taun Gajah.

Robiul Awal bulanna, Tanggal ka dua belasna
April bulan Maséhina, Tanggal ka dua puluhna.

Ari bilangan Taunna, Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambihna, Sareng sahiji punjulna.

Siti Aminah Misaur, Waktos babarna kacatur
Ningal cahya mani ngempur, Di Bumina hurung mancur.

Babar taya kokotoran, Orok lir kénging nyepitan
Soca lir kénging nyipatan, Sarta harum seuseungitan.

Medal Nabi ahir jaman, Pirang-pirang kaanéhan
Sesembahan bangsa sétan, Kabéh pada karuksakan.

Nabi yuswa lima bulan, Geus tiasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan, Geus capétang sasauran.

Yuswana sapuluh bulan, Tiasa ameng papanahan
Ngéléhkeun budak nu lian, Tapi tara kumagungan.

Parangina Kangjeng Nabi, Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gedé kawani, Sabar nyaah ka sasama.

Keur opat taun yuswana, Dibersihan manahna
Nabi dibeulah dadana, Malaikat nu meulahna.

Jibril kadua réncangna, Mikail jenengannana
Ngeusikeun kana manahna, Ilmu hikmah sapinuhna.

Tuluy dada Kangjeng Nabi, Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaros nyeri, Dicap ku Khotamin Nabi.

Harita Nabi ayana, Di lembur Ibu inangna
Halimah jenengannana, Sa’diyah ngaran lemburna.

Rama Nabi kacaturkeun, Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun, Dua sasih kaunggelkeun.

Keur lima taun yuswana, Ditinggal pupus Ibuna
Tuluy dirawat Éyangna, Abdul Mutolib asmana.

Kersana Robbul ‘alamin, Kangjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin, Éyangna mulih ka batin.

Sabada wafat Éyangna, Nabi dirawat Uwana
Abi Tolib kakasihna, Sadérék teges Ramana.

Kangjeng Nabi sering pisan, Dicandak ka Nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan, di dinya téh pajeng pisan.

Kacatur di éta Nagri, Loba Pandita Yahudi
Sarta Pandita Nasrani, Nu tepang jeung Kangjeng Nabi.

Sadayana sasauran, ieu jalma mo nyalahan
Pinabieun ahir jaman, Taurét Injil geus ngibaran.

Sipat Nabi panganggeusan, Aya di Anjeuna pisan
Hartina loba nu Iman, Ka Nabi ngangken panutan.

Lami-lami Kangjeng Nabi, Disambat ku hiji istri
Dagang ka unggal Nagari, Kauntunganna dibagi.

Istri jenengan Khodijah, Putra Huwalid katelah
Nu pangbeungharna di Mekah, Ka Nabi ka langkung nyaah.

Siti Khodijah masrahan, Ka Nabi barang dagangan
Maisaroh nu ngarencangan, Ka Nabi purah nyarengan.

Kacarios Maisaroh téh, Loba pamendakna anéh
Cicirén Nabi nu soléh, Matak ngahérankeun kabéh.

Tatangkalan uluk salam, Méga bodas sok mayungan
Jeung aya cap kanabian, Dina salirana pisan.

Pamendak Siti Khodijah, Cocok pisan jeung Maisaroh
Ahirna Siti Khodijah, Ka Nabi mundut ditikah.

Harita yusawana Nabi, Salawé taun kawarti
Ngadak-ngadak sugih mukti, Tapi tambah saati.

Karesepna Kangjeng Nabi, Ka Gusti Allah ngabakti
Di Gunung Hiro maranti, Ibadahna saban wengi.

Di dinya jol kasumpingan, Jibril nu nurunkeun Qur’an
Kalawan dawuh Pangéran, Nabi didamel utusan.

Harita yuswanan Nabi, Pat puluh taun kawarti
Diutus ku Allah pasti, Nyebarkeun Agama Gusti.

Anu iman pangheulana, Siti Khodijah garwana
Abu Bakar kaduana, Sohabat nu pangmulyana.

Murangkalih nu nonoman, Anu panheulana iman
Sayidina Ali pisan, Ka Nabi sadérék misan.

Jeung ari jalma beulian, Anu pangheulana iman
Sayidina Bilal kaleresan, Anu jadi tukang adan.

Ari lolobana pisan, Ka Nabi téh ngamusuhan
Nganiaya ngajailan, Teu aya pisan ras rasan.

Para sahabat kungsi ngalih, ka Nagri Habsyi nu tebih
Di dinya Anjeuna linggih, Kira kénging tilu sasih.

Samulih sohabat ti Habsyi, Kacarios Kangjeng Nabi
Kénging pohara cocobi, kersana nu Maha Suci

Uwana sareng garwana, Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana, Ka lima puluh taunna.

Geus pupus Siti Khodijah, Nikah ka Siti Saodah
Sareng Siti Aisyah, Ummul Mu’minin katelah.

Ti dinya kersa pangéran, Maparin kamulyaan
Ka Nabi nu ahir jaman, Kakasih nu sipat Rohman.

Nuju tanggal tujuh likur, Bulan Rajab nu kacatur
Nurut koul anu masyhur, Kangjeng Nabi téh disaur.

Dipapag ku Malaikat, Nyandak Buroq nu kasebat
Leumpangna téh cara kilat, Tunggangan Nabi angkat.

Ti Mekah ka Baitul Maqdis, Teu nganggo lami antawis
Ku jalma hanteu katawis, Kersana Gusti nu Wacis.

Ti Baitul Maqdis terasna, Naékna Tangga Kancana
Mi’raj téa kasebatna, Ka langit Nabi sumpingna.

Tujuh langit sadayana, Jeung ’Arasy nu pangluhurna
Disumpingan sadayana, Katut Surga Narakana.

Kangjeng Nabi ditimbalan, Ku Gusti nu sipat Rohman
Anjeuna kudu netepan, Solat muji ka Pangéran.

Kabéh jalma anu iman, Sami pada kawajiban
Solat nu lima giliran, henteu meunang dikurangan.

Solat éta minangkana, Dina Agama tihangna
Jalma nu luput solatna, Nyata rubuh agamana.

Kacarios dina jaman, Mi’rajna Nabi panutan
Yuswana téh kaleresan, Lima puluh dua jalan.

Kapir Mekah kacaturkeun, Barang Nabi nyrioskeun
Mi’raj lain dimulyakeun, Anggur pada nyeungseurikeun.

Pada hasud ngakalakeun, Ti dinya Allah ngersakeun
Kangjeng Nabi dialihkeun, Ka Madinah disirnakeun.

Persahabat pirang-pirang, Nu buméla milu iyang
Milu ngalih séwang-séwang, Henteu pisan sumoréang.

Tambah kamulyaan Nabi, Di Madinah asal sepi
Jadi ramé ku nu ngaji, Muji ka nu Maha Suci.

Sapuluh taun lamina, Di Madinah jumenengna
Agama Islam cahyana, Gumebyar kamana-mana.

Nagri Mekah diperangan, Ahirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan, Yakin lain jijieunan.

Ari yuswa Kangjeng Nabi, Genep puluh tilu pasti
Maqomna dijero nagri, Madinah nagara suci.

Puputrana Kangjeng Nabi, Aya opat anu istri
Siti Zaénab nu kahiji, Ruqyah nu hijita deui.

Ummi Kultsum katiluna, Siti Fatimah bungsuna
Ari putra nu cikalna, Sidna Qosim kakasihna.

Sidna Abdullah rayina, Ibrahim katiluna
Éta nu genep putrana, Siti Khodijah Ibuna.

Sidna Ibrahim Ibuna, Mariyah jenengannana
Istri ti Mesir asalna, Tah kitu turunannana.

Putra nu pameget kabéh, Pupus keur aralit kénéh
Nu istri carogéna téh, para sahabat nu soléh.

Siti Zaénab carogéna, Abul ’Ash jenengannana
Siti Ruqyah carogéna, Sidna Ustman mimitina.

Geus Siti Ruqyah hilang, Anjeuna turun ka ranjang
Ummi Kultsum putri lenjang, Ditikah gentos nu hilang.

Carogé Siti Fatimah, Sidna Ali nu katelah
Bakaromallohu Wajhah, Anu kamasyhurkeun gagah.

Ari putu Kangjeng Nabi, Dalapan pameget istri
Siti Umamah jeung Ali, Ti Siti Zaénab kawarti.

Ari Sidna Abdullah mah, Putu ti Siti Ruqyah
Putu ti Siti Fatimah, Aya lima kabéhna mah.

Tilu anu pamegetna, Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husain kaduana, Sidna Muhsin katiluna.

Ummi Kultsum nu istrina, Ka Sidna Umar nikahna
Sitna Zaénab kaduana, Nurut ungeling wartosna.

Urang kudu cinta ati, Ka turunan Kangjeng Nabi
Poma ulah goréng ati, Sumawonna hiri dengki.

Ari mungguh Kangjeng Nabi, Nyaahna langkung ti misti
Ka umatna jaler istri, Leuwih ti sepuh pribadi.

Welas asih ka nu miskin, Sumawonna ka budak yatim
Pada seubeuh ku paparin, Kadaharan jeung pisalin.

Akuan ka urang kampung, Calik satata ngariung
Tara angkuh jeung adigung, Sanajan ka urang gunung.

Ka nu nyandak kasusahan, Gering jeung papaténan
Ngalayad sarta ngubaran, Ngajajapkeun ka kuburan.

Manis saur manis budi, Éstu mustikaning jalmi
Sajagat mo mendak deui, Sae rupi jeung parangi.

Raray lir bulan purnama, Halisna lir katumiri
Waos lir intan biduri, Salira harum wawangi.

Estu kersaning Pangeran, Lain seungit diminyakan
Karinget pada nandean, Diparake seuseungitan.

Sakitu Nabi mulyana, Taya pisan adigungna
Angkat pungkureun sohbatna, Kalangkung handap asorna.

Anggoan kersa lumayan, Najan nu geus ditambalan
Kitu deui katuangan, Banget pisan dikurangan.

Betah dina kamiskinan, Lain sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan, Ngarah karidoan Tuhan.

Pirang-pirang mu’jizatna, Tawis kanabiannana
Qur’an nu nomer hijina, Mu’jizat nu pangmulyana.

Tangkal nu perang daunna, Sisiram tilas abdasna
Ngadadak loba buahna, Sarta hirup satuluyna.

Domba nu begang kuruna, Sartana Lapet susuna
Diusap ku pananganna, Ngadadak juuh susuna.

Dina hiji waktos deui, Sohbat kakirangan cai
Teras bae Kangjeng Nabi, Mundut cai anu kari.

Cai ngan saketel pisan, Taya deui anu liyan
Nabi neuleumkeun panangan, Dumadak tuluy manceran.

Cai mancer loba pisan, Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan, Cukup ku jalma rebuan.

Kacatur hiji Bedewi, Ngadoja ka Kangjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai, Sina ngomong cara jalmi.

Tuluy tangkal teh disaur, Harita ku Kangjeng Rosul
Tangkal datang ngagulusur, Akarna teh digugusur.

Ngadeuheus ka Kangjeng Nabi, Uluk salam cara jalmi
Sanggeus kitu balik deui, Ka tempat asalna tadi.

Badwi ngan kantun heran, Ningal eta kaanehan
Tuluy bae asup Islam, Ka Nabi ngangken Panutan.

Salianna loba deui, Mu’jizatna Kangjeng Nabi
Mun diwincik hiji-hiji, Keur nulisna moal mahi.

He Allah nu sifat Rohman, Abdi sadayana Iman
Teu aya deui Pangeran, Liyan titi Anjeunna pisan.

Nu ngadamel bumi alam, Eawuh saeusina pisan
Nu wajib diibadahan, Taya anu nyasamian.

Sareng abdi iman deui, Ka Sidna Muhammad Nabi
Yen eta Utusan Gusti, Miwulang sadaya jalmi.

Nu sifat kapercayaan, Bijaksana tur budiman
Bener unggal sasauran, Najan saur kaheureuyan.

Ngajembarkeun Kangjeng Nabi teh, Ka jalma sadunya kabeh
Dawuh Pangeran nu soheh, Nu wajib diturutna teh.

Hurmat urang ka Anjeunna, Dina mangsa jumenengna
Sareng saba’da wafarna, Eta teu aya bedana.

Duh Gusti Jungjunan abdi, Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi, Ka nu hina diri abdi.

Abdi Umat ahir jaman, Anu banget panasaran
Horeng tepang ngadeuheusan, Seja tumut serah badan.

Di yaumil ahir pamugi, Abdi sing janten ngahiji
Sareng indung bapa abdi, Ngiring Gusti ka Sawargi.

2 Komentar to “Nadom Gusti Urang Saréréa”

  1. Assalaamualaikum.
    kang ayu urang ngariung di http://kumpulbarudak.wordpress.com/

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: