Generasi Muda Agribisnis (Pidato Basa Sunda)

Puji anu janten panyinglar riya’ sareng syum’ah nu patoléksak di tengah tegalan rasa, panundung ujub takabur nu ngahunyud minuhan juru-juruna qolbu, pangusir syirik pidik, jail, jeung dengki nu ngadaki dina lebeting ati, urang dugikeun ka Alloh Rabbul ‘Izzati, Pangéran Nu Maha Rahman tur Rohim nu saban wanci teu cicing ngagolontorkeun asih-Na, nu salawasna tara kendat ngaluarkeun rohmat-Na, nu hamo tiasa kawincik hiji-hijina, pamohalan kapedar béjér béasna.

Sholawat miwah salam mugia tetep ngawalungan lautan jungjunan jalmi pinilih, nu ngancik parangi utami, insan mulia nu mibanda tauladan nu sampurna, Rasulullah Muhammad SAW. Ogé mugi ngamalir ka kulawargina anu salamina gumati, muga nyungapan ka para sohabatna anu satia tur buméla, teu kalangkung mugi ngucur ka sakur umatna anu turut tumut henteu inclah balilahan dina tapak lacak anjeuna.

Bapa, Ibu ogé hadirin sadayana anu sami rawuh. Hapunten sim kuring teu tiasa nataan hiji-hijina ti kawit para pajabat dugi ka rahayat biasa, pokona kum teu diwiji-wiji didu’akeun ku sim kuring mugia sadayana dimulyakeun ku Gusti Alloh SWT, amin.

Sateuacan medar carita, ngalangkungan ieu ririungan sim kuring hoyong ngawilujengkeun ka Kabupaten Ciamis anu kiwari dimumulé tepung taun anu ka …… Dina yuswa anu parantos …….. abad langkung tinangtos pikeun hiji wilayah pamaréntahan kalebet kana istilah legok tapak genténg kadék. Nanging sanaos kitu ku heubeulna ngadeg hiji daérah kakawasaan henteu tiasa ngajamin kana karaharjaan jeung kama’muran rahayatna. Nagara anu bisa ngaladénan kasugemaan hirupna sorangan tina hasil gawé rancagé nu diwangun ku rasa sabilulungan tur kaikhlasan. Sakumaha anu dijantenkeun slogan Ciamis nyaéta : Pakéna Gawé Rahayu, Pikeun Heubeul Jaya Dibuana.

Paralun ma’lum anu kasuhun, sim kuring sanés seja ngalalancangan. Saupamina slogan Ciamis ieu tos dijalankeun sagemblengna, tinangtos sagala kaperyogian biaya pikeun nohonan rumah tanggi pamaréntahan Tatar Galuh Ciamis henteu kedah sumarayak-tumamprak ka pamaréntahan pusat. Sabab ku hasil gawé anu rahayu, pamaréntah urang parantos aya dina kajayaan tur unggul dina sagala widang pangwangunan pikeun salawasna.

Hadirin anu sami hadir, baraya anu sami lenggah.

Pikeun ngawujudkeun cita-cita heubeul jaya dibuana téh para karuhun urang anu janten kalungguhan Tatar Galuh baheula ngahaja henteu maparin katangtosan atanapi konsép haluan atanapi blue print, kedah janten nagara pertanian, kelautan, atanapi nu sanésna sugan. Sabab aranjeuna parantos uninga yén wilayah Tatar Galuh Ciamis téh kagungan poténsi kaunggulan kumplit dina sagala widang. Boh widang tatanén, boh nelayan, pertambangan, perdagangan, transportasi, pendidikan, telekomunikasi, industru manufaktur, dugi ka industri pariwisata, sareng nu sanésna. Sadayana tiasa dikembangkeun di Ciamis kalayan tiasa nyugemakeun pikeun rahayat sagemblengna. Nanging, kumargi widang pertanian parantos sakulit sadaging sareng kahirupan warga Ciamis, piraku teuing para generasi penerus bakal lur kitu-kitu baé ngantunkeun widang kahirupan warisan utama karuhun urang sadaya, nyaéta widang tani. Mun sok komo di jaman kiwari, widang pertanian parantos didukung ku téhnologi agribisnis anu modérn. Boh ti kawit prosés pembibitan, boh cara tanamna, cara ngarumatna, cara manénna, dugi ka sistem pemasaranana. Sadayana éstu parantos difasilitasi pikeun ngagampilkeun para patani.

Lahan pertanian di wilayah Kabupatén Ciamis téh kalintang legana. Ti kawit lahan pasawahan dugi ka lahan pahumaan. Nanging tina lahan anu salega ieu saupamina ditanglungtik kalayan apik, tangtos mung sababaraha persén baé anu leres-leres produktif. Cobi urang uninga ku sadayana, lahan pasawahan daérah Padahérang sareng Kalipucang anu sakitu ngaplak-ngiplikna legana ratusan dugi ka rébuan hektar upami seueur teuing hujan, wayahna janten lautan cai tina akibat luapan walungan Citanduy, janten teu tiasa kamangfaatkeun anu maksimal. Sawangsulna, upami kirang hujan mangka lahan pasawahan tadah hujan teu tiasa kagarap. Samentawis ieu para kaum tani urang sim kuring wakca baé, teu aya daya kréatifna. Cobi bé dina ngokolakeun lahan sawah, pasti salawasna diidéntikkeun kana melak paré. Numawi, upami tos teu tiasa melak paré mangka teu aya gawé. Kumargi sakitu, sim kuring ngageuing, punten yeuh, ka Dinas Pertanian Kabupaten Ciamis cobi ulik parawija naon anu tiasa ngamangfaatkeun lahan pasawahan urang dina mangsa usum tigerat hujan. Tangtosna ogé ku rupa tatanén anu harga jualna ngimbangan kana harga paré, atanapi tiasa langkung.

Hadirin samudayana hormateun sim kuring.

Cobi urang lalajoan modél pertanian di daérah Jawa Tengah sareng Jawa Timur. Aranjeuna konsistén ngintunan hasil tani ka pasar-pasar di Jawa Barat ogé Jakarta. Éta baé anu paling karaos ku urang dina sabada Gunung Marapi bitu, naha atuh harga céngék janten ratusan rébu perkilona, leres teu Pa, leres teu Bu ? Cing urang titénan ku sadayana, kinten-kinten naon yeuh nu lepat dina sistem pertanian di Jawa Barat, Ciamis khususna. Sahingga teu tiasa nyumponan kaperyogian céngék-céngék acan. Tur padahal lahan pertanian sami-sami kagungan.

Sakapeung sim kuring rajeun ngawénéhkeun dina waktu shubuh di pasar-pasar di Ciamis Kidul, aleutan-aleutan mobil treuk nu angkaribung ku sayuran jul-jolna téh sadaya ti beulah wétan, arah Jawa Tengah. Teu aya hiji ogé mobil treuk anu sumping ti beulah kulon. Kitu deui bibit albiso sareng bibit-bibit sanésna sarumpingna di daérah Jawa Tengah.

Hadirin hormateun sim kuring,

Dina kasempaten ieu sim kuring hoyong masihan solusi, atanapi kamandang. Kitu ogé manawi aya bahan katampi. Sapertosna anu peryogi digarap ku Dinas Pertanian di daerah Tatar Sunda téh sanés ngan ukur élmu pertanian wungkul dina hartos téori praktis, sabab sim kuring yakin yén sacarakeun téori warga urang Sunda parantos nyangking sagemblengna, palinter lah. Nanging anu peryogi digembleng nyaéta widang méntalna. Kumaha carana para patani urang sangkan ulet, tekun, rajin, konsisten dina gawé tanina. Sabab aya istilah kieu lamun mukpak pepelakan, mangka mukpak ogé kadaékna. Lamun kieu kalakuan, jelas parantor nukang nonggong sareng pidawuh Alloh :

 Hartosna :

Mangka nalika anjeun réngsé (tina hiji urusan), pék pigawé kalayan soson-soson (urusan/pagawéan) anu séjén. Jeung ka Pangéran anjeun skuduna anjeun miharep. (QS. Alam Nasyrah : 7 – 8)

 Hadirin anu mulya.

Pamungkas sim kuring neda sih tawakupna ti sadayana boh bilih keuna kana paripaos: bobo sapanon carang sapakan, tutus langkung képang halang, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, hampura anu di teda.

Wassalam.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: